Sakapeung mun keur karasa teu paruguh kieu sok asa kangen ka kamu teh "nene", kuat hyg ceurik teh, tpna teu bisa...sok kaingetan kumaha cara urg 2an bisa kenal, cara urang 2an bisa bobogohan, cara kaula bisa sadar ngarasa yen kaula teh mikaasih, mikanyaah, mikaheman ka salira, najan can paamprok, can wawuh kana rupa sewang-sewang, can apal kana lampah sapopoe, cara urang 2an ngaleupaskeun rasa kasono, kadeudeuh, katresna dibalik " ketidak tauan", cara urang 2an ngabagi rasa kasedih, ngabagi rasa kabungah, ngabagi rasa kamelang, nepi ka cara urang 2an panggih, ngaleupaskeun sagala rasa, silih huap, silih cium, silih ngeukeupan, silih carita, ngerepkeun waktu ngaleupas kasono jeung cinta urang 2an...
Mugia tenang di alam kaabadian duh sang widadari, di ingkeun sina kosong singgasana sang sri prameswari, moal aya nu nempatan, moal aya panggantina... Antosan diditu...nepi ka waktuna, jemput ku salira... :(... I love you...and will always love you.
Senin, 30 Oktober 2017
30 oct 17
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar