Kamis, 25 November 2010

kereteg

duka, akhir-akhir ieu asa na teh rada teu puguh rarasaan, di tambihan deui ku permasalahan anu teu enggal rengse, di tambihan deui ku nu teu jarelas, duh gusti lamun wios kuring nyarios mah, asana teh kuring asa hoyong enggal uih we ka rahmatullah, sawios bade di tempatkeun di mana ge, upami teras kieu wae mah asa alim hirup sanaos sataun deui ge......kuring asa tos teu sanggup ngalakonan ieu peran dina kahirupan, mangga upami ieu seratan di anggap pidu'a ge, da ku puguh nya ieu nu ayeuna di rasakeun ku kuring. ieu tekanan sanes kanu awak tapi langsung ka mental, tah di dinya kuring ngaraos ieu mental kuring tos gubrak runtuh, asa mentok neunggar cadas teuas teu ka pendak jalan kaluar tina masalah ieu........duh nagara mun ieu enya di ijabah, mangrebu ampun kasuhun teu tiasa deui masihan nanaon pikeun kamajuan ieu bangsa jeung nagara, mangrebu ampun kasuhun ka kulawargi teu tiasa ngabagjakeun, teu tiasa ngahijikeun, teu tiasa janten jalmi nu tiasa ngarumkeun nami kulawarga malah seueur pisan nguciwakeun, ka sobat/wadyabalad mangrebu ampun kasuhun kuring gaduh seueur pisan kalepat, ka dwiputri nu pernah lebet kana hate. mangrebu ampun kuring seueur pisan kalepat tur nganyenyeri, mugi kenging pinasti anu ajeg jejeg. amin. mugi kuring di hampura

Tidak ada komentar:

Posting Komentar