poe ieu ping 28 sept 13 asana lamun teu salah kuring nulis kana ieu blog sanggeus lila absen teu nulis-nulis kana ieu diary, nu poe ieu bakal kuring tulis ngeunaan catetan jeung kahayang nu ngaliwat sababarah poe ka tukang. kuring hayang nyieun deui rencana nepi ka ujung taun ieu, kamari geus di catet sanajan catetana teu ka bawa tapi ari poin na mah kuring inget,
- kuring hayang ngumpulkeun deui duit, kusabab jujur we sabot eureun jadi pelaut, penghasilan jauh turuna, jang sorangan we ge masih remen kurang, teu bisa mere kulawarga tapi hayoh barang bere sudak-sodok, cugak-cogok ka batur kusabab pagaweana nungtut ka eta perkara....teu di kitu mah pagawean bisa jadi leuwih lila, ka saha????ka para pagawe pamarentah nu teu barogaeun komitmen pikeun bersih diri teuing pedah geus ngadarah daging....nepi ka kuring nyieun paribasa terima-kasih lain terima kasih, dimana urang narima tapi urang kudu mere...hahaha...nagara urang nunggu ancurna we ku kalakuan pagawe-pagawe pamarentah nu samodel kitu...biasana pamarentah mah buta, teuing teu kadeuleu, teuing kadeuleu tapi api-api teu nyaho, teuing kacepretan tea...???teuing ah...
nu matak bener ceuk urang deungeun basa harita gawe bareng jeung urang sabrang (thai) maranehna ngomong ieu nagara mangrupakeun nagara mafia... ah pek we ngeunteung sorangan, piraku teu kadeuleu kagorengan sorangan....
hayang neang wanoja pijadieun pamajikan, hahahaha.....nempo kana yuswa kuring sorangan nu ayeuna geus nincak umur 24 ku taun hareup geus 25, tinu wates target kuring teh pan harita maksimal yuswa 27 geus....hahahah.... tapi teuing!!!! keun kumaha engke we eta mah da urang mah ukur bisa ngusahakeun... kumaha jalan nu di bere ku hyang we...hayang gancang teh lain pedah kamari sang mantan nikah, lain....ah kanu masalah ieu mah geus sewang-sewang...ngan ngarasa geus waktuna we....hahahaha
Tidak ada komentar:
Posting Komentar